Minggu, 13 November 2016

Sajak Sunda

HIRUP
Oleh: Ato Paskal

Hirup lir ibarat lengkah
Sing ati ati tur tarapti
Nincak ulah ngan saukur lengkah
Bari komo jeung dudupak rurumpak
Bisi manggih beling nu pastina bakal nyugak

Hirup jeung kahirupan
Lir ibarat lengkah jeung tujuan
Lengkah merenah nu ku dilampah
Tinangku barokah tujuan
Nu ku urang baris kahontal

Panggoda dunya tong dijadikeun alasan
Pikeun ngalengkah salah
Lantaran bala tangtuna bakal karasa

Kamajuan dunya
Kudu dibarengan ku motekar akal
Jeung lengkah nu basajan
Lengkah merenah kahirupa barokah





CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA
Ato Suharto

Rundayan carita mangsa harita
Masih natra dina rasa
Tatali asih nu mengkeut pageuh
Nepi ka kiwari tetep euntreup
Kawas si leugeut teureup

Katresna teu ilang singray
Najan umur rek nepi ka kubur
Kasono teu weleh pogot
Najan jiwa geus teu deui ngora

Duh Gusti nu maha welas tur asih
Jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini
Teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri

Nyai panutan akang
Kasatiaan modal utama
Ulah nepi ka dirogahala
Ku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara

Kabagjaan lain diukur ku lobana brana
Lain dihias kureuncemna emas
Kabagjaan pasti nyaangan urang
Mun iman jeung takwa jadi sareat urang
Dina enggoning ngabangun rumah tangga

Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna
Urang jaga ulah nepi ka sirna
Sangkan urang tetep waluya
Nepi ka pantona sorga..

Amin....




URANG JEUNG WAYANG
Ato Suharto

Kiwari lain kamari tapi ayeuna
Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel
Naratas jalan sangkan lolongkrang,
Teu katutupan jalan

Lumampah di alam dunya
Ceunah darma wawayangan
Usik malik diobah ku dalang

Tapi urang lain wayang
Sabab wayang moal boga kahayang,
Da wayang mangrupa barang

Lumampah urang tangtu ngajojo kahayang
Hayang tandang, pakan jeung sandang
Sabab urang boga akal jeung pikiran
Lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang

Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit ati
Guluy jadi hoream ngahontal kahayang
Gagal lain hartina lengiteun akal
Tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun
Rurungkan nu ngahalangan jalan

Sing percaya kana diri
Nu dianti pasti ngawujud bukti
Asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci

Urang beda jeung wayang
Lantaran urang boga akal jeung pikiran
Wayang ngan ukur parabot dalang
Nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan




Semoga Puisi Bahasa Sunda diatas bisa membantu anda dalam menyelesaikan tugas  sekolah atau menjadikan Puisi diatas sebagai Motivasi anda agar lebih baik lagi, SHARE atau LIKE jika Puisi Bahasa Sunda diatas bermanfaat bagi anda. Blog ini dibuat untuk memenuhi tugas Mata Kuliah Teknologi Informasi dan Komunikasi Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan Pendidikan Guru Sekolah Dasar (PGSD) UNIVERSITAS DJUANDA BOGOR.

Sumber :
Di akses pada 13 November 2016